ASAL-USUL NGARAN PLERED

Aya anu nyebutkeun Plered teh asalna tina kecap palered. Ari palered teh nya eta padati anu ditarik ku munding. Gorobagna tina papan, gilindingna oge tina papan deuih, baruleud teu make jari-jari.

Dina jaman Walanda, palered teh sok dipake ngakutan kopi ti Plered ka Cikaobandung. Cikaobandung teh harita mah mangrupa palabuan di sisi Walungan Citarum. Ari ayeuna, Cikaobandung teh kaasup ka Kacamatan Jatiluhur.

Ngakut kopi ti Plered teh jalanna ngaliwat ka Cianting terus ka Bunder – Selaeurih – Kembangkuning, bras ka Cikaobandung. Apan harita mah Jalan Raya Purwakarta – Cikampek teh can aya. Éta jalan kakara dijieun sabada aya jalan karéta api taun 1905.

Ku lantaran di éta wewengkon téh loba paléréd, nya disebut Paléréd, anu terus robah jadi Pléréd.

Aya deui anu nyebutkeun, munculna ngaran Pléréd téh raket patalina jeung Karajaan Mataram. Waktu tentara Karajaan Mataram gagal ngarurug Kumpeni di Batawi, aya anu kalabur ka wewengkon Pléréd ayeuna. Dingaranan Pléréd lantaran éta tentara téh asalna ti Pléréd, Yogyakarta.

Aya deui tentara Mataram anu asalna ti Kroya, Jawa Tengah. Maranéhna mah teu eureun di palebah Pléréd, tapi neruskeun lalampahanana ka beulah kidul. Areureun di wewengkon Tegalwaru ayeuna. Caricing di dinya sarta tempatna dingaranan Kroya, anu ayeuna mah jadi Karoya.

Anu caricing di Pléréd baroga kaahlian nyieunan gagarabah. Di tempatna anu anyar, maranéhna ogé nyieunan gagarabah pikeun pangupa jiwana.

Anu jelas mah Pléréd anu aya di Kabupatén Purwakarta geus kakoncara hasil keramikna. Lain baé di nagara urang, tapi nepi ka mancanagara deuih.

Sumber: http://wanayasa-uing.blogspot.com

2 komentar:

  1. wooooh... kitu nya den...
    sugan teh aya patali jeung plered cirebon...
    nuhun ah infona ...
    :D

    BalasHapus
  2. huuh sugan...
    nya sok talian weh kang hahaha
    kasih ud kembali haha

    BalasHapus