Kuda | Dongeng

Jaman baheula beh ditueun baheula waktu sasatoan barisa keneh ngomong cara jelema, di hiji leuweung aya hiji sato gede. Eta sato ngadenge beja, yen di dunya aya manusa sarta pinter pisan akalna. Eta sato hayangeun nyaho, kumaha rupana manusa teh, jeung haying nyaho kapinteranana.

Tuluy eta sato gede teh ka luar ti eta leuweung, maksudna rek neangan manusa tea. Di jalan papanggih jeung jalma tiluan. Eta sato gede teh nanya, “Rek ka mana maraneh araya di dieu?”

“Rek ngala suluh ka leuweung,” tembal nu saurang. “Ari maneh rek ka mana?”

“Kieu, bejana di ieu dunya teh aya nu disebut manusa pinter jeung rea akalna. Kaula haying nyaho rupana, jeung kaula haying nyoba kapinteranana. Sugan andika nyaraho, di mana ayana eta manusa teh?”

“Puguh bae nyaho mah, ngan tempatna jauh ti dieu. Tuh, di ditu.”

“Naha maraneh bias nganteur ka kaula, sabab kaula haying pisan papanggih jeung nu disebut manusa teh?”

“Bisa, ngan kaula teu kuat leumpangna, sabab kacida jauhna.”

“Gampang, lamun maraneh teu kuat leumpang mah, tarumpak bae dina tonggong kaula. Gede tanaga kaula mah.”

“Ah embung, tumpak dina tonggong maneh tiluan mah, sieun aya nu ragrag mun engke maneh lumpat. Kieu bae ayeuna mah, ku lantaran geus burit, sanajan dianteur oge kaula tiluan, moal bias nepi beurang keneh ka ditu, da kacida jauhna tea. Kumaha lamun isukan bae isuk-isuk jeung kaula rek mikir-mikir heula, supaya bias kabawa tiluanana.”

“Heug,” ceuk eta sato teh.

Tuluy eta sato teh balik ka tempatna di leuweung. Nya kitu deui jalma nu tiluan tea baralik ka lemburna.

Sadatangna ka lembur, jalma anu tiluan teh badami, kumaha akalna supaya bisa tumpak eta sato bareng tiluan.

Cek nu saurang, “Urang nyieun padati leutik bae, kai loba. Keun manehna sina narik, urang tiluan nu tarumpakna.”

Tuluy eta jalma nu tiluan teh sapeupeuting nyieun padati leutik, kira asup tiluaneun.

Isukna isuk-isuk sato gede teh geus papanggih deui jeung jalma anu tiluan.

Cek jalma anu saurang, “Tah, ieu padati tarik ku maneh, kaula tiluan nu tarumpakna!”

“Kumaha narikna, da kaula teu boga leungeun?”

“Gampang, hulu (sungut) maneh bae ditalian (dikadalian), talina dicekel ku kaula, bisi maneh tarik teuing lumpat ku kaula bisa ditahan. Jeung dada maneh ditalian kana ieu padati (make lestreng), supaya ieu padati katarik,” ceuk nu saurang teh.

“Ari eta naon?” ceuk eta sato bari nunjuk ku gadona.

“Ieu ngaranna pecut. Bisi maneh lumpatna kendor, ku ieu pecut bias gancang deui.”

Sanggeus sagalana beres, tuluy elesna dicekel ku nu saurang. Ceterr… eta sato dipecut, belenyeng lumpat tarik pisan. Barang geus jauh, sato teh eureun, nanyakeun, “Jauh keneh tempat manusa teh?”

Ditembal ku jalma nu saurang, “Geus deukeut. Tuh beh ditu!”

Belenyeng deui eta sato lumpat.

Barang geus kacida capeeunana, sato teh eureun deui, nanyakeun, “Dimana ayana manusa teh, kaula geus kacida capena?”

Jalma nu tiluan teh turun tina padati. Cek nu saurang, “Saenyana, ieu kaula tiluanana nu disebut manusa teh. Ayeuna maneh rek kumaha? Rupa manusa ayeuna maneh geus nyaho, akal jeung kapinteranana geus bukti, nepi ka menh geus bias mawa kaula tiluan nu sakitu jauhna, ditarik ku maneh dina ieu padati meunang nyieun manusa.”

Jawab eta sato, “Bener, manusa teh pinter rea akalna. Ayeuna kaula taluk ka manusa. Jeung kaula rek menta ngaran ka andika, sabab kaula tacan boga ngaran.”

Ceuk jalma anu pangpinterna, “Ayeuna maneh ku kaula dingaranan KUDA, sabab waktu maneh rek lumpat narik padati tadi, ku kaula katenjo suku maneh nguKUD kana taheun, jeung daDA maneh narik kana ieu padati.”

Nya nepi ka ayeuna, sato nu kitu pandena teh disebut KUDA.

Sumber: Tina Dongeng-dongeng Sasakala
Kenging Ngempelkeun: Ki Umbara
Penerbit: CV Geger Sunten Bandung
sundanet.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar